Contoh Pidato Anak Bahasa Sunda untuk Memperingati Maulid Nabi 2022

26 September 2022, 09:05 WIB
Contoh Pidato Anak Bahasa Sunda untuk Memperingati Maulid Nabi 2022 /Preefik/

UTARA TIMES - Berikut ini contoh pidato anak menggunakan bahasa sunda bertema Maulid Nabi Muhammad SAW untuk tahun 2022

Adapun dalam contoh pidato anak bahasa sunda ini memuat sistematika berpidato seperti mukadimah, isi hingga penutup. Dalam praktiknya, Maulid Nabi merupakan sebuah peringatan hari kelahiran Nabi Muhammad SAW sebagai nabi akhiruzzaman

DIketahui, Nabi Muhammad SAW lahir pada tanggal 12 Rabiul Awal dalam kalender hijriyah.Lebih lanjut, contoh pidato anakbahasa sunda ini bisa digunakan sebagai sarana referensi kegiatan perlombaan anak pada moment Maulid Nabi Muhammad SAW. 

Dikutip Utara Times dari laman CirebonNetwork, Berikut contoh pidato anak bahasa sunda singkat bertema Maulid Nabi Muhammad SAW.

Baca Juga: Maulid Nabi 2022 Berapa Hari Lagi? Simak Penjelasannya dan Kalender Hijriyah

Assalamu'alaikum Warohmatullahiwabarokatuh.

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ كَانَ بِعِبَادِهِ خَبِيْرًا بَصِيْرًا، تَبَارَكَ الَّذِيْ جَعَلَ فِي السَّمَاءِ بُرُوْجًا وَجَعَلَ فِيْهَا سِرَاجًا وَقَمَرًا مُنِيْرًا. أَشْهَدُ اَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وأََشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وُرَسُولُهُ الَّذِيْ بَعَثَهُ بِالْحَقِّ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا، وَدَاعِيَا إِلَى الْحَقِّ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا. أَمَّا بَعْدُ؛

Teu aya kecap nu pantes ku urang ucapkeun, iwal ti manjatkeun puji sinareng sukur ka allah swt. Puja anu ngajantenkeun panghias rasa ti mimiti urang muka kana ieu acara, mangga urang sanggakeun ka allah swt, nyatana allah azza wa jalla.

Puji anu ngajantenkeun panghias ati ti mimiti urang ngaji, mangga urang sanggakeun ka allah nu maha suci, nyatana allah rabbul izzati. Rasa syukur anu ngajantenkeun panolak takabur, ti mimiti urang kumpul mangga urang sanggakeun ka allah nu maha luhur, nyatana allah rabbul gofur.

Dimana nu parantos masihan ka urang sadayana mang pirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana, lamun ceunah lautan dijadikeun tinta, tatangkalan di jadikeun péna-na pasti ka nikmatan ti allah moal réngsé di ucapkeun moal beres di tuliskeun.

وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَةَ اللَّهِ لَا تُحْصُوهَا إِنَّ اللَّهَ لَغَفُورٌ رَحِيمٌ

“Jeung lamun urang etang-etang ka nikmatan ti Allah, niscaya urang bakalan moal tiasa nangtukeun jumlahna. Saenyana Allah bener-bener Maha Pangampun tur Maha Panya’ah.” (QS. An Nahl: 18).

Baca Juga: Profil Sri Mulyani Bupati Klaten Jawa Tengah, Berikut Biodata dan Riwayat Pendidikannya

Anu mugi-mugi ku wasilahna urang nu kempel dina ieu tempat, sing di jadikeun sebab pertama di hampurana dosa urang ku nu maha kawasa, anu kaduana mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngahampura kana dosa urang.

Nu ka tiluna mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngaluruskeun kana masing-masing permaksadan. Contona; (Ka nu tacan gaduh kabogoh, sing enggal gaduh kabogoh). Hehe (tiasa di rubah ku masing-masing permaksadan nyalira).

Ogé teu hilap solawat sinareng salam mugia tetep ka curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana, pamingpin ti jaman jahiliah nuju ka jaman islamiyah, pamingpin anu parantos nyandak umatna ti jaman naék kuda nepi ka naék avanza, nyatana habibana wasyafi’ana wamaulana muhammad S.A.W.

Teu hilap ogé ka para kaluargina, para sohabatna, ti sohabat amsharin katut ka sohabat muhajirin, ogé mugia solawat sinareng salamna dugi ka urang sadayana salaku umatna… Amin ya allah ya rabbal alamin.

Baca Juga: Kumpulan Ucapan HUT RI ke 77 Tahun 2022 Bahasa Sunda: Indonesia Makmur, Rakyatna Sejahtera

Dina ieu kasempatan hayu urang sami-sami ningkatkeun kualitas iman sareng taqwa ku ngalangkungan ieu acara mepeling maulid nabi, iman sareng taqwa mangrupa hiji cara pikeun nimbulkeun rasa mahabbah ka allah SWT sarta micinta ka Rosulullah SAW.

Hal ieu pisan nu janten kakuatan dina enggoning ngambah hirup sareng kahirupan. urang tetep kedah nutur kan jalur Rosul, napak kan alaratan mantena. teu cekap hiji muslim laksanakeun wungkul mieling maulid nabi saupami teu disarengan ku padamelan anu dicontokeun ku kanjeung nabi.

Allah SWT ngadawuh "laqod kaana lakum fii roulillahi uswatun hasanah " hartosna temen-temen geus aya pikeun aranjeun di Rosulullah conto atawa suri tauladan anu hade.

Ku kituna hayu urang sami - sami dina enggoning urang ngarepkeun karidoan Allah sareng safaat ti Rosulullah, ku cara ngalaksanakeun ibadah oge mu'amalah nu disarengan ku conto ti Rosulullah SAW

Mudah-mudahan bae urang sadayana sapapaosna aya dina ginulur karahayuan ginajar kawilujeungan tur kahontal kabagjaan dinya sareng aherat ku cara ngalangkungan ieu mepeling maulid nabi.

Wassalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh.

Demikian contoh pidato anak bahasa sunda bertema Maulid Nabi Muhammad SAW.***

Artikel pernah tayang di Cirebon Network dengan judul Contoh Pidato Pendek Anak Bahasa Sunda Maulid Nabi Muhammad SAW untuk Tahun ini

 
Editor: Anas Bukhori

Tags

Terkini

Terpopuler