Contoh Teks MC Peringatan Isra Miraj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Beserta Susunan Acaranya

15 Februari 2023, 09:55 WIB
Contoh Teks MC Peringatan Isra Miraj 1444 H dalam Bahasa Sunda, Beserta Susunan Acaranya /Pixabay/RiaKartika/

 

UTARA TIMES Inilah contoh teks MC peringatan Isra Miraj 1444 H dalam bahasa sunda beserta susunan acaranya.

Mengingat umat islam saat akan memperingati Isra Miraj 1444 H yang jatuh pada 18 Februari 2023, pasti akan mengadakan berbagai acara mulai dari tausiyah, lomba dan lain sebagainya.

 

Contoh teks MC peringatan Isra Miraj dalam bahasa sunda ini bisa menjadikan referensi yang dalam kesehariannya menggunakan bahasa sunda, tidak perlu diterjemahkan lagi.

Berikut contoh teks MC peringatan Isra Miraj 1444 H dalam bahasa sunda beserta susunan acaranya.

Baca Juga: Kumpulan Kata Mutiara untuk Menyambut Isra Miraj 1444 H pada 18 Februari 2023

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh

الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ، وَبِهِ نَسْتَعِيْنُ عَلَى أُمُورِ الدُّنْيَا وَالدِّينِ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلىَ أَشْرَفِ الـمُرْسَلِينَ وَعَلىَ آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْـمَـعِينَ، أَمَّا بَعْدُ

Allahmdulillahirabbil alamin wabihi nasta’inu alaa umuuriddunya waddiin, washolatu wassalamu alaa asyrafiil mursalin wa alaa alihi washohbihi ajmain amma ba’du.

Sampurasun, langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur sewu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapak pupuhu (Nama sakola, pasantren jst).

 

Anu ku simkuring dipihormat, Bapak Ustad (Nama ustad), anu ku simkuring dipihormat Bapak/Ibu guru, anu ku simkuring dipihormat sarta rerencangan anu ku simkuring dipikadeudeuh.

Ti payun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Ghafur. Kalayan nikmat nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga kagiatan Isra Miraj Nabi Muhammad SAW 1444 H/2023 M.

Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug nugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin ya rabbal alamin

Baca Juga: Link Nonton Series Open BO Episode 4 5 6 7 8 Lengkap dengan Jadwal Tayang dan Sinopsis episode 1 2 3

Simkuring ngadeg dipayuneun hadirin sadaya wireh ka pancenan salaku panata acara bade ngadugikeun sababaraha acara Isra Miraj anu baris ka sanggakeun, nya eta di antawisna:

Bubuka (Maca basmallah)

Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun sholawat nabi

Laporan ti ketua panitia pelaksana

Laporan ti Bapak pupuhu sakola

Tausiyah ti Ustad (Nama ustad)

Doa/panutup

Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu urang sasarengan buka acara Isra Miraj 1444 H maos basmallah.

(Bimillahirrohmanirrahim)

Acara kadua, maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat nabi. Ka saderek (Nama pambaca Al-Qur’an) mangga dihaturan.

(Maos suci Al-Qur’an sarta solawat nabi)

Acara salanjutna nyaeta nu katilu, laporan pupuhu panitia pelaksana, ka saderek (Nama ketua panitia) mangga dihaturan ka payun.

(Laporan ketua panitia)

Hatur nuhun ka saderek (Nama ketua panitia) anu parantos ngadugikeun laporanana.

Nincak kana acara opat, pamapag ti Bapak pupuhu (Nama tempat acara) ka pangersa Bapak (Nama kepala sakola, jst) waktos sinareng tempat disayogikeun.

(Pamapag dari kepala sekolah)

Hatur nuhun ka kersana Bapak ( Nama kepala sekolah), anu parantos ngadugikeun pamapagna.

Acara salajeungna nyaeta acara inti atawa nu kalima, nyaeta tausiyah ti Bapak ustad (Nama ustad), sumangga Bapak (Nama ustad) waktos sareng tempat disayogikeun.

(Tausiyah)

Hatur nuhun ka kersana Bapak ustad (Nama ustad) anu parantos ngadugikeun tausiyahna, mugi-mugi ilmuna berkah jeung urang sadaya.

Nincak kana acara nu terakhir nyaeta panutup atawa doa, nu ieu baris dipingpin ku Bapak ustad (Nama ustad). Sumangga Bapak ustad (Nama ustad), dihaturan kanggo mingpin doa.

(Maca doa)

Hatur nuhun ka kersana Bapak ustad (Nama ustad), anu parantos mingpin doa ti kasempatan acara Isra Miraj 1444 H ieu.

Mugia doa urang sadaya di kobul ku Allah SWT. Aamiin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku pangaosan hamdalah babarengan.

(Alhamdulillahirobbilalamin)

Sim kuring nghaturkeun nuhun ka rengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.

Hapunteun ka sadayana bilih aya basa anu kirang merenah.

Ashikum nafsi waiyyaya bitaqwallah. Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah wassalamualaikum warrahmatullahi wabarakatuh.

Demikianlah contoh teks MC peringatan Isra Miraj 1444 H dalam bahasa sunda beserta susunan acaranya.***

Editor: Anas Bukhori

Tags

Terkini

Terpopuler