Contoh Pidato Anak Bahasa Sunda untuk Memperingati Maulid Nabi 2022

- 26 September 2022, 09:05 WIB
Contoh Pidato Anak Bahasa Sunda untuk Memperingati Maulid Nabi 2022
Contoh Pidato Anak Bahasa Sunda untuk Memperingati Maulid Nabi 2022 /Preefik/

Dimana nu parantos masihan ka urang sadayana mang pirang-pirang kanikmatan ka urang sadayana, lamun ceunah lautan dijadikeun tinta, tatangkalan di jadikeun péna-na pasti ka nikmatan ti allah moal réngsé di ucapkeun moal beres di tuliskeun.

وَإِنْ تَعُدُّوا نِعْمَةَ اللَّهِ لَا تُحْصُوهَا إِنَّ اللَّهَ لَغَفُورٌ رَحِيمٌ

“Jeung lamun urang etang-etang ka nikmatan ti Allah, niscaya urang bakalan moal tiasa nangtukeun jumlahna. Saenyana Allah bener-bener Maha Pangampun tur Maha Panya’ah.” (QS. An Nahl: 18).

Baca Juga: Profil Sri Mulyani Bupati Klaten Jawa Tengah, Berikut Biodata dan Riwayat Pendidikannya

Anu mugi-mugi ku wasilahna urang nu kempel dina ieu tempat, sing di jadikeun sebab pertama di hampurana dosa urang ku nu maha kawasa, anu kaduana mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngahampura kana dosa urang.

Nu ka tiluna mugi-mugi ku wasilahna urang kempel dina ieu tempat, allah swt ngaluruskeun kana masing-masing permaksadan. Contona; (Ka nu tacan gaduh kabogoh, sing enggal gaduh kabogoh). Hehe (tiasa di rubah ku masing-masing permaksadan nyalira).

Ogé teu hilap solawat sinareng salam mugia tetep ka curah limpahkeun ka jungjunan urang sadayana, pamingpin ti jaman jahiliah nuju ka jaman islamiyah, pamingpin anu parantos nyandak umatna ti jaman naék kuda nepi ka naék avanza, nyatana habibana wasyafi’ana wamaulana muhammad S.A.W.

Teu hilap ogé ka para kaluargina, para sohabatna, ti sohabat amsharin katut ka sohabat muhajirin, ogé mugia solawat sinareng salamna dugi ka urang sadayana salaku umatna… Amin ya allah ya rabbal alamin.

Baca Juga: Kumpulan Ucapan HUT RI ke 77 Tahun 2022 Bahasa Sunda: Indonesia Makmur, Rakyatna Sejahtera

Dina ieu kasempatan hayu urang sami-sami ningkatkeun kualitas iman sareng taqwa ku ngalangkungan ieu acara mepeling maulid nabi, iman sareng taqwa mangrupa hiji cara pikeun nimbulkeun rasa mahabbah ka allah SWT sarta micinta ka Rosulullah SAW.

Halaman:

Editor: Anas Bukhori


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x