Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut

1 Februari 2022, 11:56 WIB
Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut /Instagram @tangkahanecotourismofficial

UTARA TIMES- Berikut ini Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ atau Gajah kalah oleh Semut.
Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ menceritakan tentang bagaimana Gajah kalah oleh Semut karena keangkuhan dan kesombongan dirinya.

Dalam Dongeng Bahasa Sunda tersebut Gajah yang sombong sebenarnya telah diberikan peringatan untuk tidak meremehkan semut.

Namun karena keangkuhan dan sifat meremehkan makhluk lainnya akhirnya Gajah terjebak dan terjatuh pada kedalaman lubang yang besar.

Pada Dongeng Bahasa Sunda ini Gajah terlihat masih belum menunjukkan sikap rendah hati ketika jatuh.

Baca Juga: Amanda Menculik Nayaka, Terpaksa Menikahi Tuan Muda Episode 175 Tayang 1 Februari 2022

Tantangan dari Semut justru membuat Gajah dan keangkuhannya semakin menjadi-jadi.

Meskipun pada akhirnya Gajah kalah dari Semut yang menggigitinya.

Bagaimana kelanjutan Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ ? Simak ulasan berikut ini.

Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan.

Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang.

Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo.

Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang.

Baca Juga: Kunci Jawaban Matematika Kelas 5 SD Halaman 155 Buku Senang Belajar Matematika: Menghitung Volume Akuarium

Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul.

Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk.

Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter.

Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan.

“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.

“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.

Baca Juga: Berharap Seseorang Agar Menjadi Jodoh Kita? Simak Nasihat Buya Yahya Bikin Baper

Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang.

Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian.
Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jerona salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.

Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea.

Baca Juga: Kunci Jawaban Matematika Kelas 7 SMP: Menentukan Kondisi Untung, Rugi dan Impas dengan Topik Aritmetika Sosial

Atuh ditangtang kitu asa dilelewean, gajah teh beuki ambek. Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang.

Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.
Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk nyarocoan.
Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.

Itulah Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ yang artinya Gajah kalah oleh Semut. Untuk terjemahan bahasa Indonesia anda dapat kunjungi link berikut ini KLIK DISINI.***

Editor: Anas Bukhori

Tags

Terkini

Terpopuler