Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut

- 1 Februari 2022, 11:56 WIB
Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut
Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut /Instagram @tangkahanecotourismofficial

Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang.

Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo.

Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang.

Baca Juga: Kunci Jawaban Matematika Kelas 5 SD Halaman 155 Buku Senang Belajar Matematika: Menghitung Volume Akuarium

Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul.

Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.

Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk.

Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter.

Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.

Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan.

Halaman:

Editor: Anas Bukhori


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah