Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut

- 1 Februari 2022, 11:56 WIB
Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut
Dongeng Bahasa Sunda ‘Gajah eleh ku Sireum’ Gajah Kalah oleh Semut /Instagram @tangkahanecotourismofficial

“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.

“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.

Baca Juga: Berharap Seseorang Agar Menjadi Jodoh Kita? Simak Nasihat Buya Yahya Bikin Baper

Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.

Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.

Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang.

Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian.
Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jerona salaput gajah.

Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.

Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea.

Baca Juga: Kunci Jawaban Matematika Kelas 7 SMP: Menentukan Kondisi Untung, Rugi dan Impas dengan Topik Aritmetika Sosial

Halaman:

Editor: Anas Bukhori


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah